NINI JEUNG INCU

Eva Helviana Hafsah
SMKN 1 Cikalongkulon

Di hiji lembur anu masih subur ku cai, aya salah sahiji imah. Imah eta dieusian ku nini jeung incuna. Nini ngurus icuna ti leuleutik kusabab indungna budak eta teh gawe di kota. Bapana budak eta tos lami dipunut ku Gusti Anu Maha Suci. Budak eta teh sok disebut Eneng, ngaran aslina mah Melani Suci. Eneng teh umur 10 taun kelas 4 SD.

Dina hiji poe balik ti sakola, si incu diuk dina lawang panto bari ngahuleng ningali ka luar.

Si nini ngarasa heran, “Neng, ari Eneng teh kunaon bet ngalamun dina lawang panto? Pamali bisi nongtot jodo”. Eneng ngareret ka Nini.
“Ma, Eneng teh hayang siga batur gaduh indung bapa, bagja sigana Ma, Eneng teh asa teu gaduh indung da tara panggih, paling ge lebaran we wungkul panggih jeung mamah teh”, bari ngomong kitu teh si Eneng ngeclakeun cipanon.
“Sing sabar we cu, inshaalloh ke oge Eneng bakal kumpul ngariung jeung si mamah, mudahmudahan we mamah Eneng teh gaduh deui salaki anu bakal nyaaheun ka keluarga”, nini ngupahan incuna bari nyampeurkeun terus ngusapan sirah incuna.
“Ma, Alloh teu nyaah kitu ka Eneng nya? Eneng teu apal rupa Bapa kumaha, Eneng keur orok pan Bapa teh pupusna”, Eneng neuteup ka ninina bari cireumbay.
“Astagfirulloh, teu kengeng nyarios kitu geulis pamali, Alloh mah nyaah pisan ka sadaya umatna, sadayana ge tos takdir ti Alloh urang kudu ihlas”, Nini ngupahan Eneng bari masih ngusapan sirah Eneng.
“Muhun Ma, inshaallah Eneng oge ihlas”, Eneng ngajawab bari nyusut cipanon.
“Jug ayeuna mah geura ka cai solat lohor, terus ngawadang, aya pencok kacang jeung beuleum
asin karesep Eneng”, Nini ngahibur Eneng.

Eneng unggeuk terus asup ka kamar, ngalaksanakeun kawajiban solat lohor terus ngawadang dibaturan ninina.

Eneng diurus ku ninina ti umur dua taun. Indungna indit ka kota kusabab di kampung teu aya pagawean anu dipikaharep ku indungna. Unggal bulan biasana indungna ngirim ka Emak keur bekel Emak jeung anakna sapopoe. Emak pagaweana ngurus kebon jeung kulah. Ladang tina jual hasil kebon jeung lauk ti kulah disimpeun ku Emak keur tabungan Eneng.

Di sakola, Eneng katelah murid anu pinter. Eneng sok sumanget diajar. Eneng boga cita-cita hayang jadi dokter supaya bisa ngubaran ninina anu mineng nyeri cangkeng jeung rematik basana mah.

Dina hiji poe, Eneng balik sakola bari ngadu lumpat jeung babaturana si Sari. Bari napas hah heh hoh, Eneng keketok kana panto imahna.

“Assalamualaikum Ma, Eneng tos pulang, Ma buka!”, Eneng keketok sababaraha kali tapi teu aya anu ngagajwab.
“Boa-boa si Emak ka kebon ngala lalab”, ceuk Eneng dina jero hate.
Eneng ngoreleng ka dapur, bisana panto dapur mah tara dikonci kur dikaitkeun wungkul. Bener we teu dikonci. Eneng asup ka dapur pas muka panto, Eneng kacida reuwasna ningali ninina geus ngagoler sisi hau. Ayakan anu pinuh ku ranginang tampok.
“MA, KUNAON MA?”, Eneng lumpat nyampeurkeun Emak terus ditingali raray ninina anu pucet pisan.
“MA, GUGAH MA, MA KUNAON?”, Eneng ngageubig-geubig awak ninina bari cipanon murupuy teu katahan. Emak teu ngajawab masih teu sadar keneh.
Eneng lumpat ka imah amangna menta tulung. “Mang, tulungan Emak, Mang, Emak!”, Eneng menta tulung ka Mang Ade bari ceurik.
“Kunaon Emak Neng?”, Mang Ade milu panik.
“Emak di mana Eneng?”, Bi Mumun pamajikana Mang Ade nanya.
“Hayu ka bumi Mang, Bi, tingali Emak”, Eneng ngajak Mang Ade jeung Bi Mumun.
Tilu jalma eta lumpat ka imah Eneng. Mang Ade mariksa Emak. Dipariksa mata, nadi jeung leungeun Emak. Eneng ceurik teu eureun-euren. Bi Mumun ngupahan Eneng.
Mang Ade neuteup Eneng terus ngusap raray Emak, “Innalilahi wainna ilaihi rojiun, Emak tos ngantunkeun Neng”.
Eneng reuwas asa ngadenge guludug anu pang tarikna. “Ah Mang Ade mah bohong, teu mungkin Mang, kamari Emak masih ngobrol jeung Eneng”, Eneng ngomong kitu sabari lumpat ngadeukeutan ninina.
“Ma, gugah Ma, Mak piraku Emak oge ningakeun Eneng, Eneng rek hirup jeung saha, MA? GUGAH MA TONG NINGAKEUN ENENG, ENENG MENDING MILU KA EMAK!”, Eneng ceurik gogorowokan bari ngageubig-geubik ninina.
Bi Mumun nyampeurkuen ngarangkul Eneng bari ceurik. “Eneng sabar tong kitu Neng, tos takdir Alloh karunya Emak tong dikitu-kitu Neng, istigfar Neng, istigfar..”, Bi Mumun ngupahan bari jeung cipaonan murupuy teu katahan.
“ENENG HAYANG MILU KA EMAK, ENENG EMBUNG HIRUP SORANGAN, EMAK TEGA PISAN NINGAKEUN ENENG, PAN EMAK JANGJI REK NINGALI ENENG SUKSES, EMAK….ENENG KUMAHA? KUNAON EMA TEGA?”, Eneng masih jejerititan bari jeung ceurik balilihan.

Mang Ade langsung manggil ustad Arif terus Ustad Arif datang mariksa Emak. Ustadz Arif ngucapkeun kalimah, “Innalilahi waiina ilaihi rojiun, Emak tos dipunut kunu gaduhna, Mang Ade umumkeun di masjid, urang pulasara ayeuna keneh supaya Emak tenang”, ustad Arif nitah ka Mang Ade.

Eneng masih ceurik, awakna leuleus. Eneng nyarande bari lamunana kosong. Bi Mumun ngabaturan Eneng bari ngusapan.

“Neng, tong sieun masih aya Amang jeung Bibi anu nyaah ka Eneng. Amang jeung Bibi pasti bakalan ngurus Eneng. Mamah Eneng oge moal ngantep pasti datang, pasti bakal ngurus Eneng, ulah leutik hate geulis”, Bi Mumun ngupahan alona.

Eneng ngahuleung anu pang dipikanyaahna nyaeta ninina tos mulang kanu kawasa. Eneng inget keneh Emak pernah ngomong, “Kudu jadi jalma bageur Neng, Kudu jadi jalma bener jeung pinter, tapi omat ulah nepika adigung asa aing uyah gunung, menta kudu kanu kawasa tong ka sasaha”.

“Inshaalloh Ma, Eneng bakal jadi jalma anu dipikaharep ku Emak, inshaallah Eneng pasti emut kana papatah Emak”, ucap Eneng dina jero hate, bari ngusap cipanon.