KABUHULAN

0
48
Spread the love

Oleh R. Siti Nurul Hasanah, S.Pd, M.M
(Staf Pengajar SMKN 1 Cikalongkulon)

Nyi Ating, randa béngsrat. Geulis, gumuleng, sonagar. Loba jajaka jeung duda nu kabungbulengan. Malah lalaki nu geus rarabi jeung aki-aki nu geus cetuk huis ogé loba nu kapéngpéongan. Tapi, lindeuk japati. Ka sasaha teu weléh daréhdéh, séréwél, soméah, akuan. Jiga nu méré haté, jiga nu méré harepan. Barang dienyakeun, diajak kawin, pajar téh can aya niat, sieun cara salaki nu mimiti, matak bangbaungeun.

Enya, atuda teu rék nyeri haté kumaha, basa peutingan rék panganténan, kakara pisan asup ka kamar, kakara pisan muka pakéan, kakara pisan salakina rék ngaragamang méré pangrungrum, ti luar aya nu ngagedoran panto. Barang dibuka, geuning dua urang pulisi maksa asup ka kamar nyerek salakina bari terus éta salakina dibawa kana mobil. Pleng-les ti harita téh teu aya laratanana. Ceuk béja, nu matak ditéwak pulisi lantaran salakina téh ngadegkeun karajaan anyar “King of the Kong Borogododod” nu wilayahna ngawengku nagara-nagara di sakuliah dunya. Édun pisan.

Sanggeus puguh kitu mah, dibantu ku kapilanceukna nu jadi pengacara, manéhna ngajukeun gugatan cerai ka pengadilan agama. Teu lila surat cerai ka luar, nu hartina manéhna resmi jadi randa, randa béngsrat.

“Dun, ari manéh bener mikahayang ka Nyi Ating téh?” ceuk Mang Ahid nanya Jang Adun nu harita keur ngahuleng di juru pos ronda.

“Benerna mah bener, ngan …,” Jang Adun ngajawabna teu kebat.

“Ngan naon ieu téh? Sing jelas atuh ngarah kaharti!” ceuk Mang Ahid muncereng.

“Beurat, Mang. Kahiji, jigana mah Nyi Ating teu bogoheun. Sakitu kuring mindeng ulin ka imahna, bari ngirim kuéh martabak, bari sok mindeng dikiceupan, ih da manéhna mah kitu wé, lempeng, teu aya riuk-riuk narima teu aya ulat resep komo mun bogoh ka kuring téh. Kaduana, pan saméméh kawin ka salaki nu ti heula, manéhna mani sakitu diogona, bro-broan dibéré pakéan jeung perhiasan. Héhé, atuda nu ti heula mah maharaja nya, piraku wé …. Katiluna, cenah Nyi Ating téh geus boga deui kabogoh, urang kota, kasép, beunghar. Ké lamun idahna geus béak manéhna rék langsung kawin.”

“Deuh, bakal loba nu ngegel curuk atuh. Didago-dago ti baréto, ari ayeuna dikawin batur! Kaasup manéh nya, Dun!” ceuk Mang Ahid ngaheureuyan.

“Nya, rék kumaha deui atuh Mang, da usaha mah enggeus!” témbal Jang Adun ngaheruk.

“Mangkaning béjana, randa bengsrat mah ‘hébat, dahsyat’!”

“Dahsyat kumaha ieu téh, kawas nu keur perang waé!”

“Enya ké lamun keur perang pasti dahsyat. Atuda teu rék kitu kumaha, kahayang nu disidem sakitu lilana, anu ti heula teu laksana, ayeuna rék dibedahkeun. Hadeuh …!”

“Hihi, ari Emang sok aya-aya waé …,” ceuk Jang Adun bari ngabalieur.

Jeung enyana, tilu poé ti saenggeusna Jang Adun jeung Mang Ahid ngobrol di pos ronda, Nyi Ating jadi kawin ka urang kota. Bener kasép, bener beunghar. Keureutan beungeut jeung dedeg-pangadeg calon pangantén lalaki persis jiga béntang film Koréa. Datangna ka dinya dijajapkeun ku mobil aralus aya kana welasna. Atuh, maskawinna oge cenah mah ku emas batangan aya kana sakilo satengahna. Biaya hajat ditangkes ku pihak pangantén lalaki.

Teu bisa majar-kumaha. Parajajaka, paraduda, jeung aki-aki nu aya di grup ieu anu tadina miharep kana cinta Néng Ating, ayeuna mah sadrah, léah, tumamprak, rumasa éléh jajatén. Éléh sagala-galana ku urang kota anu jugala.

Hiburan ti beurang mula ngagembrung. Aya dangdut, calung, angklung, dogdog, jeung réog. Peutingna nanggap wayang golék dalang kawentar Asep K Anggajayaputera ti Cianjur. Atuh, jelema ti suklakna-ti siklukna daratang rék lalajo. Masyarakat barungah, komo da sakabéh nu datang disuguhan dahar sawaregna.

Tabuh salapan pangantén arasup ka kamar. Bener caritaan Mang Ahid, yén nu kasebutna randa béngsrat mah ‘dahsyatna’ lain bantrak-bantrakkeun. Karék ogé salakina asup ka kamar, ku Nyi Ating tuluy dibedol, dirangsadan. Salaki Nyi Ating ngan ukur bisa pasrah teu walakaya, sadaya-daya.

Tapi, kakara ogé saparapat jam, salaki Nyi Ating, bari ngan ukur disamping simbut, ka luar ti kamar. Manéhna aa-uu, nyaritana teu kaharti bari tutunjuk ka jero kamar. Tuluy ngaléos teuing rék ka mana. Jelema anu di tengah imah, reuwas. Indung Nyi Ating geuwat asup ka jero kamar anakna.

“Bapana …!” cenah, ngajéréwét tarik pisan.

Bapa Nyi Ating ngagajleng muru kamar. Kasampak anakna keur ngabelor, calawak méh teu bisa ngambekan.

“Danton, coba téang Bu Bidan, ieu anak déwék ku naon?” Bapana Nyi Ating ngagorowok ka Danton Hansip nitah néang bidan désa.

Teu lila Bu Bidan geus datang. Nyi Ating dipariksa. “Wayahna kedah dicandak ka rumah sakit, jalaran di dieu mah teu aya alatna. Énggalkeun bilih teu katulungan!” cenah, tandes.

“Ku naon kitu Si Nyai téh, Bu Bidan?” tanya indung Nyi Ating.

“Rupina mah kabeureuyan atanapi kabuhulan!” témbal Bu Bidan.

“Inuman wé atuh sing loba, atawa ketig pundukna!” ceuk uana Nyi Ating méré saran.

“Bapa-bapa, énggalkeun candak ka rumah sakit, éta geuning pameunteuna tos ngawitan gareuneuk!” ceuk Bu Bidan rada nyentak.

Nyi Ating digotong kana angkot dianteur Bu Bidan, indungna, bapana, jeung uana. Samiangna Nyi Ating ka rumah sakit, jelema-jelema nu sakitu lobana téh jadi séah, récok, nyararita sapamangihna-sa

pamanggihna.

“Nyi Ating téh ngadahar naon nya mani kabuhulan kitu?”

“Teuing atuh ah. Jeung naha di kamar karah barangdahar, lain buru-buru gelut kainyah!”

“Heueuh nya, teu kaharti ku dékah!”

“Ari salakina ka mana geuning teu milu ka rumah sakit?”

“Katempo ku uing mah naék kana mobilna, terus ka wétan, teung rék ka mana!”

“Éta basa ngaliwat ka lebah jelema loba nu keur dariuk, manéhna teu nyarita, karah aa-uu wé bari dodongkoan. Émang pireu, kitu?”

“Tadi keur ijab kabul mah teu pireu, pan uing milu nungkulan, biasa wé nyaritana lancar jeung béntés!”

“Muga-muga wé Nyi Ating sing katulungan, sing séhat bisa balik kalayan salamet!”

“Aamiin ….”

Dua jam ti harita, mobil nu mawa Nyi Ating geus balik deui ti rumah sakit. Nyi Ating katempo diuk di hareup ngaréndéng jeung supir. Jelema-jelema nyedek, hayang nyaho.

“Kumaha Pa, kumaha Nyi Ating téh?” Jelema-jelema raéng nanya ka bapana Nyi Ating.

Bapana Nyi Ating ngajungjungkeun kantong plastik, di jerona jelas, atra, écés, eusina ku huntu palsu mani ranggéténg.

Sumber: Asep Kuswara.CPBS

LEAVE A REPLY

Please enter your comment!
Please enter your name here